Percetakan & Sablon, Cetak Undangan, Kartu Nama, Cetak Foto Media Kayu, Gantungan Kunci Bambu, Pin & Bros, Plakat, Sablon Mug, Sablon Kaos, Sablon Topi, Dll. WA : 0878 2019 7027 Email: pangrangoprint@gmail.com


2/03/2017

ARTIKEL BAHASA SUNDA

 

Artikel Bahasa Sunda

Internet


artikel bahasa sunda


Dina harti umum, internét (maké aksara leutik "i", singgetan tina inter-network) mangrupa jaringan komputer nu nyambungkeun sababaraha jaringan. Salaku hiji istilah nu mandiri, Internét mangrupa sistim komputer (kaasup informasi jeung layanan nu disadiakeun pikeun nu marakéna) umum nu kasambungkeun sacara internasional migunakeun suite TCP/IP tina protokol komunikasi panyaklaran paket. Ku kituna, internet panggedena sacara basajan disebut Internet. Seni nyambungkeun jaringan-jaringan ku cara ieu disebutna internetworking.

Dina basa sapopoé, Internét kadang nujul ka layanan World Wide Web, surat éléktronik, jeung ngobrol online nu aya na Internét.

Lahirna Internét
Ngacambahna bibit Internét dimimitian dina taun 1969 ku ayana ARPANET nu diwangun ku Advanced Research Projects Agency (ARPA), Departemén Pertahanan Amérika Sarikat.
Sababaraha panalungtikan munggaran nu nyumbang ka ARPANET nyéta gawé dina desentralisasi jaringan, teori antrian, jeung packet switching.
Tanggal 1 Januari, 1983, ARPANET ngarobah inti protokol jaringanana tina NCP ka TCP/IP, nandakeun awal Internét sakumaha nu ayeuna urang apal.
Léngkah penting séjén dina ngembangna Internét nyaéta ku ayana National Science Foundation's (NSF), NSFNet, taun 1986
Internét kiwari
Internét diadegkeun babarengan ku kontrak komérsil bi- atawa multilateral.
Budaya Internet
Internét ogé mibanda pangaruh nu nyosok jero ka na pangaweruh jeung sawangan dunya.Dibandingkeun jeung énsiklopédi sarta pabukon tradisional, Internét mintonkeun hiji desentralisasi informasi jeung data nu dadakan sakaligus ékstrim.

Basa nu utama dipaké dina komunikasi di Internét umumna Inggris, dumasar ka bibit buitna, kailaharan basa program software, jeung sabab kalemahan komputer heubeul dina narima karakter-karakter lian ti alfabét kulon.

Asup ka Internét
Cara akses Internét nu umum digunakeun di imah-imah nyaéta dial-up jeung broadband.

https://su.wikipedia.org/wiki/Intern%C3%A9t

Artikel Bahasa Sunda


Sisi Negatif Ngagunakeun Kawat Gigi



artikel bahasa sunda


Dijaman anu serba modern kos ayena kieu, trend ngajadikeun salah sahiji hal anu gampil di tiru sarta nyebar dikalangan masyarakat, umumna dikalangan budak ngora. Misalnna pamakean kawat gigi (kawat huntu). Tujuan pamakean kawat ieu tangtuna macem-macem, misalna pikeun ngaluskeun susunan huntu atawa ngaluskeun rahang.

Aya hiji penelitian nyebutken yen aya 3 juta urang budak ngora anu make kawat ajang huntu ieu. Emang pamasangan kawat dina huntu ieu dilakukeun ku dokter, nangging urang kedah nyaho yen aya sisi negatif atawa karugian pikeun kasehatan urang tina pamakean kawan ieu.

1. Nyeuri rahang, huntu, bahkeun nyeuri sirah
Efek samping tina pamakean kawat gigi anu tiasa ku urang rasakeun biasana nyaeta nyeuri dina rahang atawa huntu, ku sabab aya efek tarikan pamakean kawat nu dipasangkeun. Nyeri dina rahang teu jarang oge ngajalur nepi kana sirah kitu sababna pamakean kawat jang huntu ieu kadang nyieun riet kena sirah.
Rarasaan eta tiasa urang rasakeun saprak dokter masangkeun kawat sarta ngencengan kawat dina huntu, tangtu wae awak pasti ngarespon nu ngajadikeun rasa nyeuri eta.

2. Gusi bisa jadi geutihan
Hal anu sering kajadian oge nyaeta bisa nyebabken gusi urang jadi nyeuri bahkeun bisa sampe getihan. Kajadian kos kitu biasana lamun urang ngaemam kaemaman anu rada teuas atawa kasar. Eta sababna gusi urang bisa jadi nyeuri jeung geutihan.

Kusabab pamakean kawat, huntu urang nyesuaikeun parubahan nana. Kadang aya oge bisa nyampe lecet kusabab gesekan kawat nu aya dina huntu.

3. Rusakna kawat dina huntu
Kawat gigi (huntu) emang dirancang supaya bisa kuat, namun ku kitu aya kalana bantalan kawatna oge kadang bisa rusak ku sabab ka kikis, utamana lamun urang biasa atawa sering ngaemam kaemama anu teuas.

4. Akar huntu jadi pendek
Pamakean kawat huntu anu lila bisa nyieun akar huntu urang jadi pendek, kajadian ieu oge tiasa disebut resorpsi akar. Mendekanna akar huntu ku sabab pangaruh pamakean kawat, biasana hal ieu bisa kajadian ku marenehana anu make kawat gigi (huntu) dina waktu anu lila kacida

Nah, dina sisi negatif anu tos dibahas diluhur tentu weh ku kitu lamun urang make kawat gigi (huntu) ieu kudu rajin-rajin ngarawat sarta ngabersihkeuna. Sabab sesa kaemaman bisa jadi nempel sarta tiasa jadi plak (karang) nu nyieu huntu urang jadi koneng, jeung sajabana.

Sumber : http://www.putrasunda.com/2016/04/artikel-kesehatan-sunda-sisi-negatif.html



Artikel Bahasa Sunda

Seureuh Ubar Kampung Urang Sunda

 artikel bahasa sunda

Nepi ka kiwari daun seureuh mindeng dipake ubar kampung atawa tradisional, pangpangna di pakampungan anu jauh keneh ka tempat praktek dokter. Lamun seureuh dipakeubar, biasana sok dicampuranku bahan bahan sejenna, kayaning apu, uyah, gula beureum, jeruk nipis jeung nu lain lainna deui. Ku lantaran resepna asalna ti pakampungan, biasana ubar tradisional model kieu teh sok disebut ubar kampung.
Urang Sunda geus ti baheula wawuh jeung serureh (piper betle). Seureuh teh aya rupa rupa, nya tea seureuh Jawa, rupana hideung sarta leuwih lada; seureuh nu rada beureum uratna, ngaranna tikuhur; jeung seureuh nu hejo uratna.

Seureuh mangrupa tutuwuhan nu ngarambat, daunna sari lada, sok dipake nyeupah jeung dipake ubar. Sanajan kiwari wanoja nu ngarora langka nyeupah, tapi seureuh masih aya keneh dijarualan di tukang rampe.

Seureuh bisa dimangpaatkeun atahna, oge bisa diolah heula jadi minyak. Lamun aya nu raheut, bisa dibalurak ku minyak seureuh atawa bisa oge daun seureuhna dirieus, dicampuran apu saeutik, tuluy ditaplokkeun ka nu raheutna.

Pikeun ubar nyeri panon, seuruhna sabada dikumbah beresih, tuluy digelang ditinyuh ku ciatah. Eta cai seureuh teh dipake meresihan panon nu nyeri tea. Pikeun ubar batuk, daun seureuhna dirieus dicampuran apu, tuluy dibalurkeun akana beuheung. Anu nyeri dada oge bisa diubaran ku seureuh nu meunang ngarieus kira kira lima lambar, dicampuran ku minyak hades, apu, cai jeruk nipis, kina tipung, jeung bawang beureum sapotong.

Seureuh matak kuat kana huntu. Ku kituna, nu sok rajin nyeupah mah langka anu nyeri huntu. Jadi, pangaruhna gede pisan. Dina iklan odol (pasta gigi) aya anu make daun Seureuh minangka salahiji bahanna. Kitu deuhi seureuh sok dipake paranti kekemu (obat kumur). Lian ti eta, nu bau baham oge bisa dikurangan ku seureuh, ku cara meuweung salambar atawa dua lambar seureuh. Mun bisa mah seureuh nu dibeuweung tadi teh terus diteureuy.

Mangpaat daun seureuh bisa oge keur ngubaran sariawan. Panyakit sariawan dina istilah urang Sunda, biasana sok ditandaan ku kaluarna getih tina liang pangambung. Dina basa Indonesia mah disebut mimisan. cara ngubarana, daun seureuh dipintel pintel, jiga aki urang nu sok leukeun keneh ngaroko make daun kawung. Daun seureuhna ge dipintel pintel jiga kitu. Tuluy daun seureuh nu meunang mintel mintel tea teh dicocokkeun kana pangambung. Insya Allow, moal lami deui oge getihna bakal saat.

Kiwari geus langka wanoja Sunda nu nyeupah. Kitu ge geus karolot pisan. Ku kituna, seureuh geus teu pati dipikawanoh mangpaatna ku nu ngarora. Padahal dina seureuh teh loba zat nu aya mangpaatna pikeun awak urang.

Disarungsum tina :
Majalah pendidikan, Cahara Bumi Siliwangi
No. 1.Maret.2009.Kaca 38-40. (Ruhaliah)

Sumber : http://www.burung-net.com/2015/06/contoh-artikel-bahasa-sunda-tentang-kesehatan-sirih.html 

Indonésia téh kaasup nagri anu beunghar ku budaya, hususna budaya daérah. Saban sélér bangsa, anu nyicingan rébuan pulo di Indonesia, mibanda kabudayaan séwang-séwangan. Diantarana, kasenian daérah.
Naon ari kasenian daérah teh? Tangtu baé kasenian anu lahir sarta hirup di daérah. Ieu kasenian téh perlu diipuk jeung dimekarkeun lantaran mangrupa banda bangsa anu gedé ajénna. Kasenian daérah anu hirup, dipikawanoh, tur dipikaresep lain baé ku sélér bangsa anu nyiptakeunana disebut kasenian nasional. Jadi, kasenian daérah téh mangrupa unsur pangwangun kasenian nasional.
Kasenian jaipong umpamana, ieu kasenian asal Jawa Barat téh geus jadi kasenian nasional. Lain baé urang Sunda nu mikaresep jaipongan téh, tapi ogé dipikaresep ku sélér bangsa séjén. Ambahan kamekaranana jelas leuwih lega, lain ngan di tatar Sunda wungkul. Malah, ceuk béja, urang mancanagara ogé loba nu mikaresep.
Lamun seug ditalungtik, kasenian Sunda téh pohara lobana. Ieu kasenian anu sakitu lobana téh kiwari nungtut laleungitan. Malah boa hidep mah ngan saukur kungsi ngadéngé ngaranna baé. Ari pangna terus muguran téh lantaran taya generasi ngora anu neruskeunana. Kanyataan ieu téh puguh matak pohara handeueulna. Pohara matak prihatinna. Enya, saha nu teu prihatin kaleungitan kakayaan bangsa anu gedé ajénna?

Urang salaku urang Sunda ulah tepi ka pareumeun obor, atuh saeutikna apal ngaran-ngaranna, heunteu apal janggélékna ogé. Ku sabab kitu, geura urang tataan, boh kasenian anu masih hirup boh anu kungsi hirup. Geura urang tataan, diantarana baé, wayang golék, jaipongan, cianjuran, angklung, calung, kendang penca, beluk, kiliningan, ketuk tilu, kuda lumping, tarawangsa, sandiwara, réog, longsér, lais, debus, ubrug, ujungan, dombrét, kawih, gending karesmén, bangbarongan, jeung gondang. Éta téh karék sabagian leutik, dah ceuk béja kasenian Sunda anu kungsi hirup téh leuwih ti tilu puluh rupana.
Moal boa, di sélér bangsa séjén ogé mibanda kasenian anu kawilang loba sarta geus loba deui nu paéhna. Lamun ti hiji sélér bangsa, sebut baé, mibanda tilu puluh kasenian, pék kalikeun ku hidep. Énya maksud téh, kalikeun jeung jumlah sélér bangsa nu aya di Indonésia. Leuh, pohara beungharna Indonésia téh. 
Sumber : http://sepengatahuanku.blogspot.co.id/2014/10/artikel-bahasa-sunda-kasenian-daerah-pasundan.html

Share:

Arsip Blog