Percetakan & Sablon, Cetak Undangan, Kartu Nama, Cetak Foto Media Kayu, Gantungan Kunci Bambu, Pin & Bros, Plakat, Sablon Mug, Sablon Kaos, Sablon Topi, Dll. WA : 0878 2019 7027 Email: pangrangoprint@gmail.com


1/25/2017

Biantara Sunda

 

CONTOH

BIANTARA SUNDA



KABERSIHAH SAKOLA

Assàlamu’alaikum Wr.Wb
Bismillàhirohmaanirrohin

Bapak kepalà sekolah, bapàk, ibu guru ànu ku simkuring dipihormàt, rerencangàn anu ku simkuring dimulyàkeun.

Puji sinàreng syukur uràng sanggahkeun kà gusti Allah nu mahà suci, màrgi urang sadayà tiasà kempel dinà ieu acarà. Sholawat sinàreng salàm mugià dilimpahkeun kà junjungan àlam kànjeng Nabi Muhammàd SAW. Mudàh-mudahàn dugi kà para sohabatnà, para tabii’n tug dugi kà urang sadayanà anu nganut kà mantennà.

Bapak Ibu sàreng rerencangàn sadayanà perkawis kabersihàn ngarupakeun hiji hàl anu peryogi ku uràng diperhàtoskeun, naon marginà? Kabersihàn ieu ngarupikeun hiji konci kahirupàn uràng di alam dunyà. Dimanà urang bisà ngarawat kabersihan lingkungàn sakola atanapi lingkungàn rumah tanggi hartosnà urang tos ngalaksanàkeun tina sabagian imàn. lamun dina hadistnà nyaeta: Anu hartinà: kabersihàn teh mangrupà bagean tinà kaimanan.

Ku kitunà kawajiban urang salàku siswa kedah ngalàksanakeun kabersihan sakola. Lingkungàn sakola bisa beresih làmun urang bisa ngajaganà. Ku kituna kabersihàn sakola kudu dipiarà kalawan sae. insyaalloh uràng sadayana anu nempatàn ieu tempat bakàl sehat, tebih tinà panyakit anu datàng tina kotorna lingkungàn.
Sakitu wàe ti simkuring mugià aya manfaatna khususnà kà simkuring umumna kà urang sadayà. hapunten bilih ayà kalepatàn sareng kakirangàn.

wabillàhi taufik wàl hidayah

Sumber : http://contohsimpel.blogspot.com/2014/09/biantara-bahasa-sunda-singkat.html 

PENDIDIKAN


Assalàmu’alaikum Wr. Wb.
Assholàtu wassalamu alà ashrofil anbiyà’i walmursalin. Wà’ala alihi washohbihi àzma’in. Ammà ba’du.

Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt ku sim kuring, sàreng rerencangàn sadaya anu dipikacintà ku sim kuring.

Làngkung tipayun, hayu uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT kulantaràn ni’mat sàreng hidayahna uràng sadaya tiasa ngumpul dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat sinareng salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi Muhammad SAW. Kà para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin ya robbal ‘alàmin.

Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget ngeunaàn “ Wajib Belajar Pendidikàn Dasar “.

Sàpertos anu ku uràng terang, Pamarentah Indonesià entos ngagratiskeun biayà pendidikan dasar salapàn taun, nyaeta ti tingkàt SD nepi ka SMP. Hàl ieu teh dikàsangtukangan ku kayaàn ekonomi unggal jàlmi masarakat Indonesia ànu beda-beda. Ayà masarakat ànu mampu, aya oge màsarakat anu kirang màmpu. Masarakat ànu mampu mah geus tàngtu bakal sakola kusabàb ayana biaya. Iwàl, seueur pisan masarakàt Indonesia anu kiràng mampu teu tiasà sakola kusabàb teu aya biayanà. Pamarentàh hoyong sadaya masarakàt Indonesia tiasa menàngkeun pendidikàn anu layàk, boh anu màmpu boh anu kiràng mampu.

Tujuàn pangna Pamarentàh ngawàjibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà sangkan wargà nagara pàlinter. Bangsà bakal sejahterà mun masarakatnà palinter. Lamun masarakàt Indonesia bàrodo, bangsa Indonesia moàl bisa ngudàg kamajuan nagarà sejen jeung bakàl kalindes ku kamajuàn jaman.

Dihàrepkeun dina diayakeunnà program wajàr dikdas salapàn taun, masarakàt Indonesia tiasà lebih maju, utamanà dina widang pendidikàn. Ieu progràm pamarentah moàl tiasa kalaksanàkeun upami teu ayà gawe bareng ti sadayà lapisan masarakàt, ti kawit pejabàt dugi ka sadayà rahayat Indonesià. Ku kituna, urang sadayà kudu gawe bareng ngàlaksanakeun progràm ieu sangkan menàng hasil ànu nyugemàkeun. Sakitu ànu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hàpunten bilih ayà kalepatan sàreng cariosan nu teu merenàh kanu manàh. Hatur nuhun kànu sadaya perhàtosannana.

Akhirul kalàm, Wabillahitàufik walhidayah Wassalàmu’alaikum Wr. Wb.
Sumber : http://contohsimpel.blogspot.com/2014/09/biantara-bahasa-sunda-singkat.html 

 

KABERSIHAN SABAGEAN TINA IMAN


Assalamualaikum wr wb
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.

Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun...
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Para wargi anu mulya.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr. Wb.

sumber:http://rohmatullahh.blogspot.co.id/2013/12/kumpulan-contoh-pidato-bahasa-sunda.html 


PROGRAM WAJIB BELAJAR


Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh

Alhamdulillahi robbil ‘alamin. Wassholatu wassalamu ‘ala Muhammadin. Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma ba’du
Bapa-bapa, ibu-ibu anu dipihormat tur dipiajrih ku sim kuring.
Teu kakantun hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Langkung tipayun sim kuring muji syuur ka Alloh ku ngedalkeun Alhamdulillahi robbil ‘alamin wireh dina ieu waktos tiasa ngadeg di payuneun parabapa, paraibu miwah hadirin kanggo ngadugikeun biantara.
Sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka panutan alam, nabi anu pinuji nyaeta Nabi Muhammad SAW. Ka kaluwargina ka parasohabat sareng ka umatna anu taat kana pituturna. Amin ya robbal ‘alamin.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Neda widi ka sadayana, dina ieu waktos sim kuring seja ngadugikeun perkawis program wajib belajar salapan taun anu ayeuna nuju dilaksanakeun.
Tujuan pamarentah ngedahkeun sadaya warga nagara ngalaksanakeun wajar dikda 9 taun the sanes kanggo ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anu kaunggel dina Tujuan Pendidikan Nasional nyaeta ngahontal masyarakat anu sampurna. Dina babasan urang mah manusa anu cageur, bageur, bener, pinter, tur singer.
Kanggo umat islam program belajar the diwajibkeun tur teu diwatesanan 9 taun tapi wajib ti kawit dibabarkeun dugi ka maot.
Sakumaha pidawun Rosululloh SAW “ Tolabul ‘ilmi faridotun ‘ala kullil muslimin walmuslimat minal mahdi ilalahdi.”
Naging nu dimaksad program wajar dikdas 9 taun mah nyaeta program diajar di pendidikan formal. Murangkalih anu yuswana 7 dugi ka 15 taun kedah diajar di sakola ti SD dugi ka SMP.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ke Alloh SWT.
Ieu program pamarentah moal tiasa kalaksanakeun upami teu aya gawe bareng ti sadaya lapisan masyarakat, utamina ti para sepuh nu kagungan murangkalih ti yuswa 7 dugi ka 15 taun.
Mugi-mugi ku cara rempug jukung sauyunan, gawe rancage sadaya lapisan masyarakat ti kawit pejabat dugi ka rahayat ieu program tiasa dilaksanakeun kalayan hasil nu nyugemakeun.
Pamungkas, sadaya pamaksadan moal tenekanan upami teu aya ridho Alloh SWT. Ku kituna urang sami neneda ka Mantenna mugia sadaya paneja urang diijabah. Amiin Ya Alloh Ya Robbal ‘alamin.
Rupina sakitu nu kapihatur, bilih aya catur nu ngalantur, aya basa nu teu luyu sareng tetakrama, mugia sadayana jembar manah nghapuntenna.
Wassalamu’alaikum warohmatuloohi wabarokatuh.

sumber:http://rohmatullahh.blogspot.co.id/2013/12/kumpulan-contoh-pidato-bahasa-sunda.html 

 

PERGAULAN

Assalamualaikum wr,wb

Sampurasun,,
Ibu guru anu kusimkuring di pihormat,
Rerencangan sadaya anu kusimkuring dipihormat,
Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji sinareng syukur ka hadirat Gusti anu Maha Suci, anu parantos masihan kasehatan sareng kasempetan ka urang sadaya, rehna dina danget ayeuna urang tiasa riung mumpulung, paampro jonghok, patepang raray di ieu tempat nu sederhana ieu. Sholawat miwah sallam mugia tetep ngocor ka jungjunan urang Nabi panungtung, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, sohabatna, tabi’in tabi’atna tur dugi ka urang salaku umatna anu insyaAllah kenging syafa’at ti mantenna. Sateuacanna abdi ngahaturkeun nuhun ka palawargi sadaya anu parantos hadir di ieu tempat, hapunten upamina tempat anu disadiakeun kirang nyugemakeun. Dina kasempetan ieu abdi bade ngaguar perkawis Pergaulan Bebas.

Palawargi sadaya,
Sapertos anu kuurang tiasa diperhatoskeun di zaman kiwari kahirupan barudak rumaja atos ngawitan robah. Seueur waktu anu sakedahna dilebetan ku hal anu ngandung kahadean malah dilebetan ku hal anu ngandung kaawonan. Diantarana wae waktu bubar sakola nu kedahna dilebetan ku ekstrakurikuler ieumah diangge ameng, momotoran, sareng bobogohan. Sanes teu kenging ari bobogohan teh, tapi da ari saumuran urang mah bobogohanna ge anu sawajarna wae, bisa ngan saukur smsan hungkul, tong dugikeun ka ameng wae duaan da ngewa katinggalna. Kumaha upamina hubunganna pegat atanapi kumaha upami aya hal anu teu dipikahoyong malah kajadian ?. Saha anu bakal riweuh sareng isinna ? da urang jeung kolot oge.

Tah aya sababaraha hal anu jadi panyabab pergaulan bebas eta diantarana ;
1. Kurangna perhatosan ti kolot
2. Kolot anu cerai (pisah/pegat)
3. Kurangna Iman
4. Wewengkon dumuk
5. Budak anu teu nurut ka kolot

Tah kusabab kitu hayu atuh urang sasarengan ngajauh jeung ngamusnahkeun eta pergaulan bebas. Kumaha carana ? Nya kucara ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT, nurut ka kolot, junun sakola supaya tiasa ngahontal naon dipikahoyong, nyibukeun diri ku aktif di organisasi-organisasi anu aya gunana sareng anu seueur ngandung kasaean.
 Palawargi sadaya,
Rupina, cekap sakitu anu tiasa kusimkuring dipihatur. Hapunten saupamina seueur kalepatan dina basa atanapi bilih aya anu kagores manahna ku ucapan simkuring. Dan abdi ngadugikeun ieuteh ngan saukur ngaharep mugia para rumaja di Indonesia khususna ditatar Pasundan tiasa nebihan eta pergaulan bebas. Haturnuhun kana perhatosanana.

Saninten buah saninten
Saninten di parapatan

Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Wassalamualaikum wr.wb

Sumber : http://rizkiamalianurfadhilah.blogspot.co.id/2014/10/contoh-biantara-bertema-pergaulan.html


BAHAYA ROKOK


Assalamualikum wr.wb
Ibu Guru pangajar anu dipihormat,

Sarta Rerencangan sadaya anu dipikareueus,

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, nu parantos masihan mangpirang-pirang ni’mat ka urang sadaya, utamina ni’mat sehat sahingga urang sadaya tiasa kempel di kelas ieu. Teu hilap solawat sinareng salam hayu urang panjatkeun ka junjungan urang sadaya Muhamad SAW ka kulawargina, para sohabatna, sarta urang salaku umatna dugi ka akhir jaman, amin.

Kuring ngadeg didieu teu aya lain nyaeta bade ngadugikeun tema nyaeta “bahaya bahaya roko”. Sapertos ibu sarta rerencangan sadaya mun nu nami na roko tos teu asing deui di golongan barudak sakola sapantaran urang. Tapi ayeuna mah ti mimiti budak sakola nu ngangge seragam bodas beureum, bodas biru, komo bodas biru tos hampir sadaya nyobian nu nami na roko. Komo tos aya nu jadi pecandu roko. Kabiasaan para pelajar ngaroko teh lantaran karayu ku iklan iklan, ku rerencangan na, sarta kasalah pahaman mun roko tiasa ngajadikeun diri urang tenang, tapi eta teh salah pisan. Roko tiasa nenangkeun urang, tapi ukur sasaat, ai bahaya namah bakal karaos salilana. Bahaya roko teh diantara na resiko kanker, paru-paru, jantung, impotensi , ti sagi reproduksi, ngroko di umur dini bisa ngabalukarkeun impotensi sarta ngurangan jumlah sperma dina lalaki sarta ngurangan tingkat kesuburan dina wanoja. Eta mung sababaraha contoh bahaya roko, tapi seueur keneh bahaya bahaya roko nun lain. 

Jalmi anu ngaroko teh sami eujeung ngasupkeun racun ka diri sorangan, mun kasar namah nu ngaroko teh sami sareng bunuh diri sacara lalaunan. Jalmi nu ngaroko oge sami sareng ngaduruk artos, komo pelajar mah sami sareng ngadurukan artos kolot urang nu tos banting tulang milarian artos kangge ngabelaan urang, tapi artos namah malahka di durukan. 

Rerencangan sadaya, nu teu acan nyobian roko kahade ulang cobi cobi ngaroko lantaran bahaya roko teh seueur pisan sareng nimbulkeun resiko beurat sampe ngakibatkeun maot ku bayaha bako na. Nu tos jadi pacandu roko, hayu urang enggal lirenan kabiasaan awon eta. Langkung sae upami artos nu biasa di durukan eta urang kempelkeun kangge meser anu leuwih mangmapaat. Tos seueur korban gara gara roko, tong sampe urang jadi korban saterusna.

Dupi mung sakieu nu tiasa kuring dugikeun, hapunten bilih aya kasalahan aya kata kata anu magut kanu ati. Margi kasampurnaan datang na ti Allah SWT, kasalahan datang na ti diri abdi nyalira. Mugi mugi biantara kuring ieu mangpaat kangge sadayana.
Wassalamualikum wr.wb
Sumber : http://elgianyamariska.blogspot.co.id/2011/11/contoh-biantara-bahasa-sunda-bahaya.html
Share: