Kumpulan Sajak Sunda
BUDAK PAHATU LALIS
Dua budak pahatu lalis
adi lanceuk awéwé lalaki
kasarung di leuweung ganggong
adina ceurik ngalengis
Budak lalaki ngala kupa
leungeunna parigel metik
buah kupa dialungkeun
dipulungan ku adina.
Tina rungkun buni kacida
luar-léor oray sanca
gep ngegél awak adina
nu keur anteng murak kupa.
Jrut turun budak lalaki
ana rét ka sakuriling
Si Nyai ka mana geuning
reuwas kacida teuing.
Manuk Cukrik disada semu nalangsa
“Cukrik, cukrik turih ku pucuk eurih”
pucuk eurih bakal matih
Si Nyai bakal kapanggih.
Geberan ku hihid aing
hihid aing kabuyutan
mawa bayu kahuripan.
“Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan
titinggal nini awaking”.
Usik ngulisik raga tangtungan
paripurna hirup waras
ku saktina rasa asih.
BUDAK SAKTI
Budak leutik bisa ngapung
jangjangna kulit salapis
hiberna di langit peuting
ludeung ngambah jomantara
disadana tingkoréak
karesepna bubuahan
nu amis semu kareueut
Budak leutik bisa ngapung
budak nu kacida sakti
nu kitu naon ngarana?
NINI ANTÉH
Di langit bulan nembongan
cahayana hurung ngempur
ngadamaran alam dunya.
Di bulan Nini keur anteng
ngentrung ninun kaén poléng
awak Nini mani bongkok
balas terus baé ninun
meureun geus rebuan taun.
Di bulan Nini bumetah
dibaturan Candramawat
buluna nu tilu warna
watekna matak diasih.
SAMAGAHA
Bulan di langit ngaleungit
meureun disumputkeun naga
bumi alam poék mongkléng.
barudak récét di buruan
sorana patembalan
Samagaha! Samagaha!
Aya kahariwang
dina haté séwang-séwangan
bulan sirna.
Ting berebet barudak ka pipir imah
tutunggulan dina lisung
rampak narakol kohkol
ngusir naga sina nyingkir
naga nyingkah
bulan ngempur
bumi alam caang deui.
SAKADANG MONYÉT MALING CABÉ
Sakadang kuya jeung Sakadang monyét
suka bungah maling cabé
cabé beureum matak uruy
lada haneut kana beuteung.
Seuhah lata-lata, seuhah lata-lata
cabé beureum cabe lada
cabé arasak kacida.
Keur jongjon datang Pa Tani
Sakadang monyét ngabecir
sieun katéwak Pa Tani.
Kuya geuwat gancang nyumput
di tempat nu rada buni
tapi katénjoeun mantén.
Pa Tani bungah kacida
daging kuya rek diolah
lumayan keur deungeun sangu.
Sakadang kuya katéwak
dipangku dibawa balik
dikurung tukangeun imah.
Ngalongok Sakadang monyét
suka bungah ngahilian
cenah bakal dikawinkeun
ka anakna Bapa Tani.
Isukna datang Pa Tani
suka bungah muru kandang
nyorén bedog meunang ngasah.
Pa Tani ambek kacida
nu aya di jero kurung
bangké Sakadang monyét.
Monyét morongkol dicekel
dibalangkeun ka nu bala
monyét cengkat ngaréngkénék
ngabecir lumpatna tarik.
PAPARAHUAN
Manintin manuk Manintin
paparahuan reujeung Tunggeu
parahuna cangkang bonténg
bonténg suri anu gedé.
Soloyong angkleung-angkleungan
kakawihan suka bungah
“Tin, tin, Manintin
gengngng!”
Katembong ku Caladi Kundang
ngageleber hiber
teup enteup na parahu
nu tiluan kakawihan
“Tin, tin, Manintin
toroktok, tok
gengngng!”
Kapanggih ku anak Monyét
clak tumpak parahu
nu opatan kakawihan
“Tin, tin, Manintin
toroktok, tok
nguuuk
gengngng!”
Kitu jeung kitu
disarada patémbalan
suka bungah kakawihan
méméh surup sarangéngé.
SILIH TULUNGAN
Nyiruan dina pancuran
titeuleum méh baé paéh
Titiran nenjo Nyiruan
kanyaah mapaés haté.
Geuwat metik dangdaunan
diragragkeun kana cai
ngarayap éta Nyiruan
teu tulus nemahan pati.
Titiran ku paninggaran
diintip-intip dipanah
Nyiruan mulang tarima
nyeureud bitis paninggaran.
Paninggaran ngagurubug
teu tulus manah Titiran
geus lésot kabéh bangbaluh
lantaran silih tulungan.
BUDAK BUNCIR
Si Buncir naheunkeun bubu
pareng meunang anggay-anggay
diwadahan kana batok.
Hayam macok anggay-anggay
Si Buncir boga paménta
hayam nu jadi gantina.
Hayamna katinggang halu
atuh paéh saharita
halu nu jadi gantina.
Haluna katincak munding
sabab potong ménta ganti
Si Buncir dakwa ka hakim
munding milikna Si Buncir.
Mundingna katinggang limus
paéh ménta digantian
ku Ki Tani diturutkeun
buah limus matak uruy.
Demi Nyi Putri ningali
kacida pisan palayna
limus dipesék dituang
séép ngan tinggal pelokna.
Nyi Putri jadi gantina
Buncir teras salin rupa
jangkung pohara kasépna
katelahna Gandarasa.
BUDAK HIDEUNG
Budak hideung goréng rupa
buuk ngarambueuk rintit
ku indung pulung diasih
lantaran ku daékanana.
Teu saeutik nu ngahina
pasrah narimakeun nasib
kanikmatan tanpa tepi
permata nu pangmahalna.
Si hideung muka buntelan
horéng eusina teh waluh
dibantingkeun kana batu
bray beulah hérang ngagenyas.
Janggélék hiji nagara
budak hideung salin rupa
satria gagah perkasa
Danuwarsa katelahna.
CINGCIRIPIT
Ngariung di pakalangan
waspada ngantelkeun curuk
curuk inggis kacapit
kacapit ku dampal leungeun
dampal leungeun dikeupeulkeun
“jék-jék nong”
nu kacapit tunggu lawang.
NGADU PANGGAL
Prung tarung di pakalangan
nu jadi kawih pamuka:
“Tung-tung-brung
kali tanjung
barangbang kali parangpang
padakutik padasemprung”.
Breng panggal diparuihkeun
muih dina jero kalang
beletak papada panggal
panggal ngacleng ngagolépak
panggal muih pangleletna
punjul ngajadi raja.
TITINGGI ULA-ALI
Karémbong meulit na cangkéng
tungtungna pada nyekelan
antay-antayan leumpangna
niru-niru titinggi
majuna ongko-ongkoan
bulat-beulit, arula-arileu
nguriling kukurilingan
hulu ngudag-ngudag buntut
sina néangan nu leungit.
Nu dimaksud geus kapanggih
buntut kudu jadi hulu
ari hulu jadi beuheung
kitu jeung kitu tuluyna
sagala-gala walatra
taya nu paheula-heula.
LANGLAYANGAN
Langlayangan kumalayang
ngalayang di méga malang
paheula-heula jeung heulang
sukan-sukan sukahayang.
Mipir langit nyorang méga
nyawang anggang di buana
amparan handapeunana
tanah éndah alam Sunda.
SURUNG MUNDING
Surung munding, surung munding
kaulinan budak lalaki
ngutamakeun kakuatan
nu maén pahareup-hareup
pakuat-kuat tanaga.
Surung munding, surung munding
nu lalajo suka bungah
ngariung bari ngarawih:
“géré tong-géré tong
nu éléh dipotong
géré tong-géré tong
nu éléh dipotong”.
Géré tong-géré tong
parancah méméh lumampah
ngagéré haté lalaki
ludeung teuneung
rahayu jaya waluya.
CAANG BULAN
Baheula nu dipigandrung
caang bulan opat welas
ngabungbang pinuh kabungah
galumbira gogonjakan
bari kakarawihan
laguna lagu bulan tok;
“Bulan tok, bulan tok,
bulanna sagede batok,
didudut disantok,
aya ucing keur anakan”.
Meungpeung bulan ngaganteng
arulin masing aranteng
nganteur kahayang nu manteng.
PACICI-CICI PUTRI
Dampal leungeun nu katuhu
nu kénca oge nya kitu
ditangkubkeun ka palupuh
disodorkeun keur ngariung
ditunjukan bari imut
ditetel-tetel ku curuk
kawihna lagu nu matuh
dikawihkeun ku lulugu:
“Pacici-cici putri
térélék kembang celempung
ada nona ada tuan
kalau mau kembang apa?”
“Hayang kembang Kamuning!”
“Hoyah, ari balik nungtun munding!”
Nu ngariung surak kabéh
gogonjakan suka bungah.
ULIN DI WALUNGAN
Ngabring arindit
arulin ka walungan seja ngojay
jleng gejebur, jleng gejebur
ngarojay patengah-tengah
ngalangkarak babalapan
papalidan ka hilirkeun
palila-lila teuleumna
icikibung peperangan
silih simbeuh silih cemplang.
Sumber : http://tradisidongeng.blogspot.co.id/2008/09/kumpulan-sajak-sunda-pikeun-barudak.html